Dina hiji mangsa, Ceu Itoh keur natah di saung di pipir imahna.
"Duh, ni asa beuki panas panon poe teh. Jadi haus." Ceuk Ceu Itoh bari ngusap kesang dina tarangna.
"Hayang meuli minuman nu amis-amis, naon cai bodas wae mah bosen ah," Ceu Itoh nyimpeun tatah dina kai di hareupeunana, "tapi hoream ka warung na, ah, panas."
Ceu Itoh kukulutus, luak lieuk neangana titaheun.
"Eeh, pan kuring teh boga budak, nya. Naha jadi anemia kieu?" Ceu Itoh rungah ringeuh, "kela kela, mun hilang ingatan teh disebutna anemia atawa amnesia? Alaaah pokona mah eta we lah, jadi ngacapruk kieu ieu teh." Ceu itoh nyabak tarangna sorangan.
"Maan.. Emaaan." Ceu Itoh ngagoroan budakna nu bungsu nyaeta si Eman. Si Eman teh budak pang kasepna di antara opat budak ceu Itoh, lantaran lanceuk-lanceuk na mah awewe kabeh.
Ceu Itoh lila ngagoroan si Eman, tapi teu budakna eta teu nonghol-nonghol.
"Emaaaaan.." Ngagorowok gaya artis di sinetron-sinetron.
Teu lila torojol we si Eman.
"Kulan, aya naon, Ma?" Tanya si Eman bari sibuk ngome hape.
"Cing pang meuli keun ale-ale, jang, euy. Ema haus." Ceuk ceu Itoh bari kedung.
Si Eman teu nembalan, kalah sura seuri jeung hape.
"Eh si Eman, kadangu henteu, Man?" Ceu Itoh rada ambek.
"Nya, naon Ma?" Si Eman rungah ringeuh. Teu lila sibuk ngome hape deui, sura seuri.
"Etah, masih naon. Matakna tong ngome wae hape geura, sura seuri jiga sero," Ceu Itoh tambah kesel, "pang meuli keun ale-ale, Man. Yeuh duitna." Ceu Itoh ngodok saku, terus ngaluarkeun duit lima rebuan.
"Sabarahaeun, Ma?" Tanya si Eman bari nampa duitna.
"Hiji we, sarebuan lin?" Tembal ceu Itoh bari kedung.
"Ooh, nya."
Si Eman ngaleos. Pas di jalan rek ka warung, si Eman papanggih jeung si Tihul, babaturanna.
"Rek kamana, Man?" Tanya si Tihul.
"Rek ka warung, euy, Hul. Ari maneh rek kamana?" Ceuk si eman.
"Sarua, urang ge rek ka warung. Bareng we atuh." Si Tihul nembalan.
Si Eman sibuk deui jeng hapena, sigana teh geus autis kanu hape.
"Ih, ni silau." Si Tihul nutupan panonna ku leungeun lantaran silau ku kaca spion motor nu kapantulan panon poe.
"Nya, euy. Silau." Tembal si eman.
"Silau ku naon, Man?" Tanya si Tihul.
"Silau ku huntu maneh, euy." Celetuk si Eman bari ngehkeh seuri.
"Ah, teu baleg maneh mah." Si Tihul nyengir.
Teu lila, si Eman jeung si Tihul geus tepi di warung ma Otih. Geus meunang pesenan emakna, si Eman buru-buru balik da sieun dicarekan ku emakna. Maranehna teu balik bareng, da si Tihul mah ngeleyeud heula ka Gor deket desa.
Nepi imah..
"Maa. Emaaa. Aye gak tahan..." Si Eman kalah nyanyi.
"Ieu jang." Ceu Itoh nembalan ti dapur.
Si Eman buru-buru nyamperkeun emakna.
"Ieu, Ma." Ngasongkeun keresek leutik warna hideung.
"Nuhuuun, ujang kaseeep, bageuur, soleeh." Ceu Itoh ngusap taktak si Eman.
"Aleeuh lebay." Celetuk si Eman bari ngadelek.
Ceu itoh muka keresek nu dibawa ku si Eman. Teu lila, manehna rungah ringeuh.
"Na mana ale-alena, Man?" Tanya ceu Itoh heran.
"Ale-ale naon ari emak?" Si Eman leuwih heran.
"Pan tadi teh dititah meuli ale-ale, naha kalahkah mawa jahe?" Ceu Itoh kedung.
"Haar apan tadi saur emak pang meserkeun jahe." Si eman ngabela diri.
"Eta cepil atawa asesoris, Jang? Sajauh-jauh tina ale-ale kana jahe." Ceu Itoh keuheul.
"Nya masih nyambung atuh, Ma. Sami-sami aya E-an." Bari nyerengeh nembongkeun huntu ompongna.
"Dasar aki-aki saliwang." Ceuk ceu Itoh bari ngahuapan jahe ka baham si Eman.

Komentar
Posting Komentar